Jumat, 16 Agustus 2013

FALSAPAH IBING PENCA

FALSAPAH IBING PENCA

Igelan/ibingan ditabeuhan ku kendang penca nyaeta dua kendang gede jeung nu leutik disebut kulanter. Alat anu nangtukeun tungtung gerakan nyaeta disebut kempul (goong leutik), ditambahan ku Tarompet nambahan suasana anu ngarupakeun daya tarik anu mandiri.

Dua kendang gede sorana patembalan nyaeta dung.. dung.. bang.. pak, simbulna tina indung jeung bapa. Indung kudu dijunjung, bapa kudu dipuja; indung anu ngandung, bapa anu ngayuga....

Kulanter ngeuyeuban kana sora kendang gede. Kulanter ngandung harti :
Ku : Kudu
Lan : Lantip, wijaksana, handap asor, taat
Ter : Wanter, gede wawanen kanu hal-hal anu alus

Tarompet ngilu kana sora kendang mawa hiji lagu anu cocok jeung wirahma kendang (itungan 4, 5, atawa 7). Tarompet nyokot harti "TARa loba OMong jeung ngoPET"

Upama urang boga rezeki kaluarkeun sodasoh, zakat numutkeun katangtuan agama. Ceuk papatah sunda mah "ulah cukup belengur balaga naya".

Anu terahir gerakan ieu ditutup ku goong leutik anu disebut bende atawa kempul. Sorana, keung... keung... ngandung harti :

Keung = keueung, sieun; tong sieun kana hal-hal anu hade sieun mah ngan ka Alloh wungkul.

Kempul ngandung harti :
Kem : kembang
Pul : kumpul.

Jaman baheula upama rek ngumpulkeun jalma di desa biasana sok ngagunakeun kempul. Biasana upama ngadenge sora kempul, eta teh isarat pikeun ngumpul. Jadi kempul dipake dina penca silat supaya ditontonan ku balarea.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar